post image
Aki Dadan, Ahli Waris Mamaos Cianjuran / Buruan.co.
KOMENTAR

Ungkara bangkong dikongkorong kujang mindeng pisan kapireng pangpangna di lingkungan komunitas Cianjuran. Éta téh ungkara cangkang tina paparikan nu ilahar dihaleuangkeun dina lagu Tatalégongan. Gemblengna mah kieu: //Bangkong dikongkorong kujang/ka cai kundang cameti/kolé dibuah hangasa//.

Enya, upama muhit kana pamanggih Barthes mah, hayang sina miharti kana éta ungkara téh tangtu kana bakal susahna. Tanda-tanda nu témbrés tina saban kecap nu ngaruntuy jadi ungkara di luhur, moal kapesék mun ukur disurahan wungkul ku kode basa. Atuh kapaksa nyurahanana kudu maké kode séjén, kudu maké péso séjén nu boa seuseukeutna bisa ngadatangkeun kagunan (fungsi) jeung katerangan anu dipibutuh.  

Ku sawatara kelompok nu muhit tur nyosok kana kasundaan, sakapeung ungkara bangkong dikongkorong kujang téh mindeng dihubung-hubungkeun kana kosmologi ageman deungeun; yén bangkong téh hiji sato anu suci tur perlu dijungjung hormat. Cindekna, (sato) bangkong ngandung ma’na hiji éntitas anu gedé hartina jeung gedé ajénna pikeun hiji kayakinan deungeun, tepi ka kudu dihormat dijungjung-agung.

Teu bina cara ka gajah di Thailand, atawa ka sapi di India. Ditambahan deui ku perkara kujang, anu pikeun urang mah kapan sok jadi ikon kasundaan jeung lambang kultural étnik téa. Enya, teu jadi sual. Da kapan ari nembrakkeun ékspresi jeung interpretasi mah kapan hak pribadi atawa kelompok nu puguh ditangtayungan ku undang-undang. 

Upama dilengkepan deui ku ungkara eusi mah, paparikan di luhur téh jol baé kasuaykeun pihartieunana, //ulah ngomong méméh leumpang/ hirup katungkul ku pati/ paéh teu nyaho di mangsa//. Kakara wé ungkara nu tadi téh rada nembrak naon maksudna. Ungkara bangkong dikongkorong kujang dina cangkang, ngajodo jeung ungkara ulah ngomong méméh leumpang dina eusi. Tah, asa enya lumenyapna nilik ungkara eusi nu bieu mah; hiji pamahing anu mun dirempak tangtu kana bakal ngadatangkeun mamala. Mana komo ka dituna dibébénténgan ku ungkara panganteb /hirup katungkul ku pati/ paéh teu nyaho di mangsa//.

Aya dua kecap konci dina ungkara ulah ngomong méméh leumpang. Ngomong jeung leumpang. Kecap ‘ngomong’ asal kecapna ‘omong’ anu pihartieunana ‘ucap’, ‘kekedalan’, ‘pokpokan’, ‘nyarita’, atawa, ‘nitah’. Sedengkeun ari ‘leumpang’ mibanda harti atawa bisa disurahan ‘indit’, ‘lampah’, atawa ‘digawé’. Upama disurahan leuwih jauh deui, ungkara ulah ngomong méméh leumpang bisa jadi ‘ulah cacarita, atawa ulah waka gedé omong saméméh prak barang gawé’.

Satemenna, karuhun urang geus ti béh ditu mula nitah ngagegedékeun kana gawé, lain kana omong. Dina prasasti Kawali sidik pisan ngajujurungna téh, kurang-leuwihna, “Muga aya nu pandeuri, migawé bebeneran, sangkan jaya di buana.” Pola pikir karuhun geus nétélakeun, yén gawé téh hambalanana leuwih luhung batan omong. Gawé leuwih némbongkeun aspék aktual tinimbang omong. Jelema nu gedé gawéna leuwih dihargaan tinimbang jelema nu gedé ngomong. Gedé gawé leuwih mibanda ajén kahormatan tinimbang gedé omong.

Mana komo dina ungkara eusi saterusna semu ditandeskeun pisan yén perkara gawé téh taya lian pikeun némbongkeun wewesén dina enggoning milampah jeung nyanghareupan kahirupan; geura prak digarawé, mun teu ayeuna rék iraha? Da kapan: /hirup katungkul ku pati/ paéh teu nyaho di mangsa//.Hirup di dunya diwengku ku umur, henteu lana saendeng-endeng. Turta urang kabéh taya nu terang naha iraha pibakaleunana mulang.

Ungkara ulah ngomong méméh leumpang, saparalél jeung pépéling séjénna deui, //ulah beunghar méméh boga/ulah pinter méméh nyaho//. Ungkara nu bieu enas-enasna mah sarua, ulah ngagegedékeun teuing omong, ulah nyebut (diri sorangan) beunghar ari sakirana can boga nanaon mah, sarta ulah nyebut (diri sorangan) pinter ari sakirana can manggih kanyaho mah.

Paribasa lodong kosong ngelentrung leuwih écés deui masualkeun jalma nu ngagugulukeun omong batan gawé. Jalma nu kitu padamelanana ngan wungkul ninitah bari tutunjuk, ari diri soranganana henteu milu baranggawé. Pon kitu deui paribasa ngaliarkeun taleus ateul atawa biwir nyiru rombéngeun mangrupa paribasa nu neueulkeun pasualan nu ngadatangkeun bahla tina urusan omong, turta mibanda harti minor.

Enya, karuhun urang geus ti béh ditu mula ngajujurung ngagegedékeun gawé batan omong. Cindekna, ulah narsis ukur ku omong. Tapi prak baranggawé sangkan batur bisa meunteun, naha tepi ka mana tangtungan urang, sarta aya dina hambalan nu mana jenggléngan urang ayana.

KOMENTAR ANDA

Senandung Algoritma

Sebelumnya

Artikel Rumentang Siang