Teuing kumaha mimitina, kuring jol-jol nyarita ka kuwu yén kuring geus ngahamilan tatangga kuring sorangan, alona kuwu. Ngadéngé kitu, buku nu numpuk hareupeun méjana ayeuna geus numpuk na sirah kuring. Saking tarikna, sirah kuring asa geus ditinggang batu. Kuring teu nyalahkeun kuwu sikepna kitu, da dihenteu-henteu gé kuring téh geus ngahamilan alona sorangan.
Kuring jol nyarita di kantor balé désa, teu di mimitian ku salam-salam acan. Pas asup ka rohanganana, kuring diuk dina korsi hareupeun méja. Manéhna euweuh, sanggeus nungguan sababaraha menit, manéhna datang. Inget kénéh nepi ka ayeuna gé nalika manéhna asup bari nyenyekel map konéng dina leungeun kéncana, dina nu katuhu jempol jeung curukna keur nyekel pulpén warna beureum. Dibarengan ku seuri manéhna terus diuk, teu lila nanyakeun rék aya perlu naon datang ka balé désa.
Ngadéngé kuring nyarita, paroman nu tadina caang ngadadak asa hieum, siga loba awan hideung nu mawa hujan luhureunana. Geus kapikir ti méméhna, pasti bakal kitu mun ngadéngé carita kuring. Tapi ieu mah leuwih parah batan nu dibayangkeun ku kuring. Rarasaan mah geus siap-siap saméméhna saupama nyanghareupan kaayaan siga kieu, ari geus nyaan nyanghareupanana mah nu geus disiapkeun téh ngadadak euweuh na sirah téh. Poék nu aya.
Teu cukup buku nu terus numpuk na sirah kuring, ayeunamah nambahan sababaraha plakat nu aya na lomari tukangeunana nabrak beungeut. Percis kana puhu irung. Mata the ngadadak caian, tina irung kaluar getih nu tadina saeutik, beuki lila beuki loba. Terus kuwu téh nyekelan kerah kameja kuring nu ayeuna geus loba getihan. Padahal ti imah mah baju téh sakitu beresihna, meunang nyeuseuh jeung ngistrika indung kuring. Kameja nu pang dipika resepna ku kuring lantaran warna salem. Ah geus euweuh araheunana ayeuna mah, pasti moal beunang diseuseuh tapak getihmah.
Aya nu neunggar pipi belah kénca, enya peureup kuwu. Kuring lain teu bisa ngalawan tapi teu hayang ngalawan lantaran sadar posisi kuring harita lain dina posisi nu hade. Kuring terus ngalumbruk. Geus dihandapmah, teu inget sabaraha kali kuring diteunggeulan. Meureun puluhan kali da asa meni lila. Getih téh beuki loba waé, ngotoran keramik bale désa, leungeun kuwu jeung kameja kuring sorangan.
Tetempoan geus mimiti teu puguh nalika aya jalema nu ngarangkul awak kuring terus ditempatkeun dina korsi nu tadi geus acak-acakan. Nu laina nyekelan kuwu nu terus ngaluarkeun kekecapan nu nyogok kana ceuli nu ngadéngéna. Kuwu terus dibawa ka rohangan nu sejenna. Kuring diantep sorangan. Soranamah kadéngé kénéh nepika leungit ti kajauhan.
Kuring tungkul nempoan keramik nu geus beureum ku getih, menerkeun baju nu ampir satengahna pinuh ku getih. Nempo deui ka sakurilingeun rohangan, geus béda jauh jeung basa kuring mimiti asup kana éta rohangan tadi. Kuring diuk geus siga aya di TKP kasus pembunuhan, kabéh acak-acakan jeung loba getih dimamana.
Kuring dititah balik ku sékdés, terus beberesih sakalian néang mantri sina ka imah. Cenah ulah waka indit kamamana, nepika ieu perkara bérés. Kuring teu nyarita nanaon deui, ngan unggeuk terus ngaléos kaluar. Nalika rék cengkat tetempoan beuki teu puguh, suku gé teu bisa bener-bener ajeg. Kuring mapay-mapay dinding, leungeun kuring nu sarua getihan nyekel tembok ninggalkeun tapak beureum ogé hanyir nu pastina bakalan hésé dihapusna.
Euweuh nu nulungan najan geus sababaraha kali kuring rék labuh. Terus enya, bener-bener labuh dina lawang panto. Kuring teu ngarep ditulungan ku sasaha, da puguh nu aya di balé désa gé keur pada-pada ngaromongkeun. Teu pantes ditulungan jalma nu geus ngahamilan anak batur mah, kuduna gé dirajam. Sapanjang jalan ti balé désa ka imah harita, asa jadi jalan pangpanjangna nu pernah ku kuring diliwatan salila kuring hirup. Sababaraha kali rék nyuksruk ka sususkan mah, terus ngagolér dina tumpukan keusik. Geus rék nepi mah kuring ngan bisa ngorondang sisi jalan.
Padahal mah harita téh beurang. Tapi taya jalma hiji-hiji acan nu daék nulungan, panggih jeung sababaraha ibu-ibu gé kalah pating kecewis nempo kuring satékah polah leumpang téh. Meureun béja leuwih gancang nepina batan léngkah kuring harita. Béja yén kuring ngahamilan anak batur.
“Pa, abdi ngahamilan Ana. Putra haji Lili, lanceuk bapa.” Padahal ngan sakitu-kituna kekecapan nu kaluar tina biwir kuring harita. Kekecapan nu basajan ceuk kuring mah, tapi matak hésé leumpang enggeusna. Nepika mantri datang ka imah kuring, kuring teu loba nyarita. Cicing najan ditanya kunaon mimitina nepika naon waé nu karasana ku mantri téh. Adi kuring nu loba nyarita mah. Tapi lain carita nu sabenerna nu dibéjakeun ka mantri téh, carita séjén. Cenah urang téh diteunggeulan préman di gang haji salim lantaran teu boga duit nalika maranéhna menta duit.
Tilu poé sanggeus kajadian di balé désa kuring geus bisa leumpang siga biasana. Geuneukna geus loba nu leungit iwal nu aya dina handapeun biwir belah kénca. Kuring geus dicarék ku anu aya di imah, indung, bapa jeung adi kuring sangkan teu ka imah Ana poé éta, tapi kuring maksa, lantaran hayang gera bérés.
Geus na hareupeun pantona, Ana sorangan nu mukana. Gareuneuk Ana téh. Pas nempo kuring, Ana ngadadak siga nu sieun panggih jeung kuring. Manéhna terus nitah kuring balik, cenah bisi si bapa kaburu nyahoeun aya kuring diimahna. Kuring mugen embung balik, kuring kalah keukeuh hayang manggihan kolotna Ana. Tapi Ana terus nitah kuring balik nepika ti kajauhan kadéngé sora nu nitah sina asup saupama aya sémah téh. Sora indungna, kuring nyaho.
Teu lila aya nu nyampeurkeun ti jero imah bari nyumpahan kuring sangkan geuwat indit ti imahna. Sudi cenah kudu katincakan ku jalma model kuring, kuring harita keukeuh hayang nyarita perkara kuring jeung Ana. Antukna haji Lili terus mawa pot kembang hareupeun imahna nu terus dibabukeun kana sirah kuring. Kuring terus teu nempo nanaon deui sanggeus kitu téh, tetempoan ngadadak poék. Nu kadéngé ngan sora pot nu murag ka handap jeung sora Ana nu ngajerit.
Kuring beunta, masih keneh dihareupeun imah haji Lili jeung pot masih kénéh pabalatak. Ayeunamah geus poék, meureun geus sababaraha jam kuring ngagolér teu inget alam dunya téh. Kuring maksakeun nangtung, sirah asa beurat. Lalaunan kuring cengkat bari nyekelan sirah belah tukang, asa aya nu cepel na sirah téh. Sanggeus bener-bener ajeg kuring nempo leungeun kénca nu tadi dipaké nyekelan sirah. Aya getih satengah garing na leungeun téh, warnana geus rada hideung.
Kuring ngagidig indit ngajauhan imah haji Lili. Sanggeus sababaraha léngkah, tikajauhan kadéngé sora nu ceurik. Sora Ana, sora ceurik Ana. Satadinamah kuring téh rék bener indit, tapi sora Ana beuki lila beuki jelas waé, ditéma ku kekecapan nu ngaulahkeun gaul deui jeung si Ahmad cenah. Enya Ahmad téh kuring. Pasti éta sora haji Lili. Kuring neruskeun balik bari terus nyekelan sirah ku dua leungeun ayeunamah.
Lain harita wungkul kuring ngadenge Ana ceurik téh, tapi pernah sakali saméméh nu ieu. Baréto mah hareupeun kuring pisan ceurikna téh. Di imah kuring sorangan, ti mimiti datang manéhna geus ceurik teu bisa diupahan. Nu aya kalah bingung, lantaran teu nyaho kudu kumaha ari geus nyanghareupan awéwé nu ceurik. Manéhna eureun sorangan geus lila ceurikmah, capé meureun. Terus manéhna ngamimitian ngobrolkeun kabogohna nu gawé di pabrik sapatu, nu cenah kasép jeung bageur pisan ka manéhna.
Saméméhna Ana tara pisan unggah ka imah kuring, komo ngahajakeun nepungan kuring mah. Panggih gé meureun ngan saminggu sakali, éta gé lamun pareng indit bareng ka masjid mun aya pangajian pamuda tiap malem minggu. Kuring nyaho Ana ti keur leutik kénéh, tapi da manéhna mah jarang kaluar imah, mun balik sakola gé sok terus balik. Jadi da euweuh kasempetan keur akrab jeung Ana mah.
Geus rada gedé mah mun panggih jeung Ana téh sok jadi bungah kacida hayang panggih deui. Teu bungah kumaha atuh da Ana mah geulis, salembur Cijoho mah panghérangna atuh, meureun sakecamatan, malah kuring mah yakin yén Ana téh awéwé panggeulisna sakabupatén. Awéwé pang dipikahayangna ku pamuda salembur. Tapi kalah beuki jarang waé panggih téh, komo sanggeus sok aya nu nganteurkeun dina mobil sedan mah, cenah urang kota nu sok nganteurkeun manéhna mun balik kuliah téh. Ah meureun lain jodo jeung kuring mah.
Na tungtung carita Ana ngagukguk deui ceurik bari nyekelan leungeun kuring bari nyarita semu katahan.
“Tulungan kuring…”
Kuring ngadadak reuwas teu puguh rarasaan, puguh da kakara dicekel leungeun ku awéwé nu geulisna model Ana, katambah deuih ku omonganana nu teu kaharti ku kuring. Rék menta tulung naon atuh ka kuring? Saliwatmah mikir kitu. Pan biasana ge tara ménta tulung ka kuring Ana mah. Ngan teuing kumaha kuring ngadadak hayang nulungan, padahal kuring teu nyaho kudu nulungan naon. Beuki lila mah manéhna teu nyarita deui, kalah ceurikna nu beuki ngagukguk. Ngaléos wé kuring téh ka dapur rék mangmawakeun cai keur Ana. Di dapur indung kuring nanya, tapi teu dijawab ku kuring lantaran teu nyaho kudu ngajawab naon.
Ana dititah nginum heula ku kuring, cai nu dina gelas téh béak sakaligus. Terus manéhna neruskeun carita. Manéhna bingung teu nyaho kudu kumaha deui, kuring beuki bingung lantaran obrolan téh beuki teu kaharti waé. Nempo kuring olohok, katingal sigana ku manéhna yén na sirah kuring téh geus pinuh ku pertanyaan jeung kabingung. Manehna nyodorkeun barang anu tikajauhan mah asa siga pulpén.
Kuring ngagebeg nalika nempo éta, sidik nu di cekel ku kuring ayeuna téh testpack, alat uji kehamilan anu na tungtungna aya garis beureum ngajepat dua. Kuring beuki olohok bari neureuy ciduh. Kuring melong Ana, manéhna unggeuk lalaunan. Kuring surti terus diteundeun deui testpack téh dina méja. Kumanéhna dipésakan deui.
Kakara rada kaharti carita téh, cenah kabogohna ngadadak teu bisa dihubungi sanggeus manéhna ngabéjakeun hal éta. Ku manéhna nepika ditéang ka tempat gawéna tapi weléh teu kapanggih jinisna. Manéhna ceurik deui keur nyaritakeun éta téh, kuring ngarti kunaon manéhna teu bisa nahan cimata. Kabogoh nu sakitu dipikanyaahna nepika manéhna daék kitu. Tapi kalah leungit nalika dina waktuna lalaki éta kudu tanggung jawab.
“Ku akang bakal ditulungan.” Ceuk kuring, manéhna langsung eureun ceurik terus melong ka kuring. Pipina masih kénéh baseuh. Teu lila manéhna némbongkeun kasieun nu teu bisa disumputkeun.
“Kumaha mun teu kapanggih waé?” manéhna nanya lalaunan, bari nahan cimata.
“Akang nu bakal ngawin eneng.” Kuring datar nyarita kitu, teu loba dipikir ngan na dada asa kebek ku rasa hayang nulungan jeung teu téga leuwih lila nempo manéhna ceurik leuwih ti éta.
Manéhna terus ngagabrud nangkeup kuring.
Simpé.
15 Januari 2014
KOMENTAR ANDA